iguru31.blogspot.com - Latihan Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 Kurikulum 2013 Tahun 2020
Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8

Hai adik adik gimana nih kabarnya, semoga sehat selalu ya, nah pada kesempatan yang baik ini kakak ingin membagikan beberapa contoh Latihan Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 Kurikulum 2013 Tahun 2020.

Soal PTS Semester 1 (Ganjil) ini merupakan soal terbaru yaitu Tahun 2020 dan di sertai dengan Kunci Jawaban.

Penilaian Tengah Semester (PTS) adalah kegiatan yang dilakukan untuk mengukur pencapaian kompetensi peserta didik setelah melaksanakan 8-9 minggu kegiatan pembelajaran.

Cakupan penilaian tengah semester meliput seluruh indikator yang merepresantasikan seluruh KD pada periode tersebut.

Contoh Soal dan Kunci Jawaban PTS/UTS Bahasa Sunda SMP/MTs Kelas VIII (8) Semester Ganjil Kurikulum 2013 Tahun 2020

Bacaan pikeun soal no 1--3

Sunda Tandang
Yasana: Yayat Hendayana

Geura tabeuh goong maneh jalu
Ngadu handaru jeung sora goong nu lian
Malar batur nyarahoeun
Hidep teh geuning teu pireu

Lain mangsana
Urang ngadedempes hees
Dina wanci kudu nyaring
Lain wayah urang leah
Balap mandeurikeun maneh
Majar teh da lain eleh

Tong katalikung ku tukang
Mangsa di cancang ku tambang
Beunang ngarara sorangan
Hese incah hese lengkah
Di cangreud ku sarwa ulah
Akon-akon adi luhung

Geura tabeuh goong maneh, jalu
Geus mejehna nepak dada
Baheula di carek soteh
Keur jaman silih eledan
Ayeuna mangsana tandang
Nu cicing wayahna nyisi

PUAH!
Geura teuneung geura ludeung
Geura nyora sing pertentang
Anjeun mah lain bagejid , jalu
Tapi jangkrik siap tarung,
PRUNG!

1. Dina sajak di gigir aya kecap “perténtang” anu ngandung harti....
A. Tarik jeung jelas
B. Kudu laun
C. Tong soraan
D. Asal waé

2. “Lain mangsana urang ngadedempés héés” Ungkara di gigir nuduhkeun yén...
A. Waktuna urang saré
B. Loba jalma anu keur héés
C. Waktuna urang tampil jeung mintonkeun kabisa
D. Geus sakuduna urang ngéléhan, keun wé batur anu maju mah

3. Kacindekkan tina eusi sajak di gigir, nya éta urang sunda...
A. Mah éléhan
B. Teu kudu bisa nanaon
C. Kudu ngomong sakarepna
D. Kudu sagala bisa jeung gedé kawani

4. Sarupaning lagu nu rumpakana teu kauger ku gurulagu jeung guru wilangan biasa mibanda wirahma nu angger/tangtu, nya éta....
A. Pupuh
B. Tembang
C. Sawér
D. Kawih

5. Debat téh dina seuhseuhanana silihasongkeun pamadegan pikeun neangan bebeneran. Tah porum debat dina basa Sunda sok di sebut...
A. Gempungan
B. Gotrasawala
C. Ngobrol
D. Adu renyom

6. Jumlah engang dina sapadalisan disebut....
A. Juru lagu
B. Gurulagu
C. Juru Kawih
D. Guru wilangan

7. Sedengkeun sora Vokal dina tungtung padallisan disebut...
A. Juru lagu
B. Juru Kawih
C. Gurulagu
D. Guruwilangan

8. Anu ka asup pupuh sekar ageng, nya eta iwal…
A. Kinanti
B. Sinom
C. Asmarandana
D. Magatru

9. Peserta dina diskusi disebut.....
A. Pamilon
B. Moderator
C. Penata acara
D. MC

10. Dihandap ieu nu bisa dijadikeun laporan lalampahan, iwal ti lalampahan...
A. Ngalalana
B. Kadinesan
C. Wisata/hiburan
D. Riwayat panyakit

11. Sing getol ngiinum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
Sisindiran di luhur di wangun padana..
A. 4
B. 2
C. 8
D. 6

12. Jajaran kahiji jeung ka dua di sebut ….
A. Cangkang
B. Sindir
C. Eusi
D. Wangsal

13. Jajaran katilu jeung ka opat di sebut……
A. Eusi
B. Cangkal
C. Sindir
D. Wangsal

14. Upama ditilik tina eusina sisindiran di luhur teh nyaeta
A. Heureuy
B. Papatah
C. Cinta
D. Gumbira

15. Sarupaning lagu nu rumpakana kauger ku gurulagu jeung guru wilungan biasa mibanda wirahma nu teu angger/tangtu, nya éta....
A. Pupuh
B. Tembang
C. Sawér
D. Kawih

16. Dina kawih aya istilah rumpaka, anu hartina..
A. Kecap-kecap pinilih anu dipaké dina tembang atawa kawih
B. Nyanyi lagu-lagu kawih ku cara babarengan
C. Nyusun rumpaka maké patokan pupuh
D. Nyanyi lagu-lagu kawih ku saurang

17. “Salajengna ku sim kuring badé diwatesan, mung kanggo genep urangeun. Tina nu genep urang téa, urang bagi dua, janten tiluan-tiluan. Saha-saha nu kagiliran sauran, engkéna paling lami lima menit”.
Kekecap di luhur téh kaasup dina conto diskusi....
A. Muka diskusi
B. Ngahaturan pangjejer
C.nutup diskusi
D. Ngatur jalanna diskusi

18. Ka kulah nuiar kapiting
Ngocok endog bobodasna
Ulah sok liar ti peuting
Osok loba gogodana

Mun ditilik tina eusina, sisindiran di luhur ngébréhkeun...
A. Silih asih
B. Sesebred
C. Piwuruk
D. Banyol

19. Karangan anu di tulis dina wangun pupuh disebut....
A. Wacana
B. Wawacan
C. Wawaran
D. Carpon

Soal pikeun nomer 20 – 23

Pupuh......
Hé barudak kudu mikir ti leuleutik
Manéh kahutangan
Ku kolot ti barang lahir
Nepika ayeuna pisan

20. Jumlah guru wilangan dipadalisan kadua, nya éta...
A. 5
B. 6
C. 7
D. 8

21. Guru lagu padalisan kadua jeung katilu nya éta...
A. i & a
B. i & i
C. a & i
D. a & a

22. Ditilik tina aturan guru lagu jeung guru wilanganana, pupuh diluhur téh nya éta pupuh....
A. Maskumambang
B. Magatru
C. Pucung
D. Sinom

23. Dina sawér aya barang-barang anu sok diawurkeun ku juru sawér, diantarana...
A. Béas, konéng, peremén, duit
B. Béas, payung, konéng, duit
C. Menyan, konéng, kembang,duit
D. Béas, seureuh, peremén, kembang

24. Saruana atawa padeukeutna sora-sora di unggal padalisan sajak atawa kawih disebut...
A. Purwakanti
B. Purwadaksi
C. Susasana
D. Nada lagu

25. Barang penting keur di dapur
Di dapur keur nyieun opor
(...)
Eusi / wangsal anu merenah pikeun ngajawab wawangsalan di luhur nyaéta....
A. Péso
B. Kompor
C. Boboko
D. Talenan

26. Pancén moderator dina sawal nyaéta...
A. Nyatet ngaran-ngaran anu méré tanggapan keur lumangsungna sawala
B. Méré saran kana lumangsungna sawala ti mimiti nepi ka réngsé
C. Nuliskeun hal-hal penting dina sawala ti mimiti nepi ka réngsé
D. Ngatur lumangsungna sawala ti mimiti nepi ka réngsé

Wacana pikeun soal nomer 27-30

WAWACAN LUTUNG KASARUNG
Ayeuna anu kacatur, aya nagara anu mukti, nyaéta pasir batang téa, kamashur kamana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti.
Putrana téh aya tujuh, sadaya istri geulis, anu cikala Purbalarang, Kancana jeung Purbamanik, Déwata jeung Purba ?ndah, Purbaleuwih, Purbasari.
Ti antara putri tujuh, Purbasari nu kapilih, saé kalakuanana, lemes basa luhur budi, atuh rakana nu cikal, Purbalarang bendu galih.
Anu sanés ogé kitu, mikangéwa Purbasari, kajaba aya saurang, nyaéta Purbaleuwih, ka Purbasari mihéman, tara ngiring nganyenyeri.

27. Tina sempalan wawacan di luhur, bisa katitén, yén Purbasari téh...
A. Adigung
B. Kasar basa
C. Lemes basa
D. Goreng budi

28. Latar tempat anu aya dina cutatan wawacan “Lutung Kasrung” nyaéta...
A. Yeuna
B. Pasir batang
C. Alam dunya
D. Tempat tapa

29. Katerangan anu luyu /sesuai jeung sempalan wawacan diluhur nyaéta iwal...
A. Kabeh putri mikahéman Purbasari
B. Purbaleuwih nyaah ka Purbasari
C. Pasir batang nagara mukti
D. Purbalarang putri anu cikal

30. “Sim kuring kirang panuju kana pendapat saderak!” Kecap serepan dina kalimah diluhur aya dina kecap...
A. Pendapat
B. Kirang
C. Simkuring
D. Saderék

II. Jawab pananya jeun panitah di handap kalayan singget tur jelas!
1. Sebutkeun Pupuh anu ka asup sekar ageung !
Jawaban : Pupuh nu kaasup sekar ageung nyaéta : Pupuh Kinanti, Pupuh Sinom, Pupuh Asmarandana, Pupuh Dangdanggula.

2. Rengsékeun paparikan dihandap ieu !
Cau naon cau naon
Cau kulutuk nu di juru
...................................
Jawaban : Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru

3. Jelaskeun naon nu disebut Wawacan téh ?
Jawaban : nyaéta jenis karya sastra (boh fiksi atawa non-fiksi) atawa dongéng Sunda nu wangunna nuturkeun pola atawa aturan pupuh.

4. Kawih nyaéta bagian tina kaseinan Sunda anu diwangun ku dua unsur, nyaéta....
Jawaban : Unsur seni musik jeung unsur seni satra

5. Sebutkeun tilu contoh kawih anu dinyahokeun ku hidep !
Jawaban : Kawih Karatagan Sunda, Bandung, Kembang asih. (gumantung jawaban siswa)

Download Soal dan Kunci Jawaban PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 Kurikulum 2013


Sebentar lagi adik-adik akan menghadapi Ulangan PTS/UTS semester 1 atau Ganjil. Agar adik-adik SMP/MTs khusus Kelas 8 dapat nilai baik dalam Penilaian Tengah Semester (PTS) semester 1 atau Ganjil Kelas 8 SMP/MTS. Berikut ini beberapa Link Download Kumpulan Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 Kurikulum 2013 Tahun 2020 yang mudah-mudahan bisa membantu.

Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester Ganjil

Itulah informasi yang bisa admin bagikan untuk kalian semua mengenai Soal PTS Bahasa Sunda Kelas 8 Semester 1 Kurikulum 2013 Tahun 2020, semoga bisa membantu. Selamat belajar. Mudah-mudahan adik-adik semua diberikan nilai yang memuaskan, terima kasih.